MAKALAH FILSAFAT ILMU TENTANG HUBUNGAN ILMU DAN FILSAFAT


MUQODIMAH

Sebelum penulis membahas tentang bagaimana hubungan antara ilmu dengan filsafat agar ada kejelasan kita harus tahu apa itu yang dinamakan dengan ilmu dan apa yang dinamakan filsafat.

1.         Pengertian Ilmu

Ilmu berasal dari bahasa Arab, ‘alama. Arti dasar dari kata ini adalah pengetahuan. Penggunaan kata ilmu dalam proposisi bahasa Indonesia sering disejajarkan dengan kata science dalam bahasa Inggris. Kata science itu sendiri memang bukan bahasa Asli Inggris, tetapi merupakan serapan dari bahasa Latin, Scio, scire yang arti dasarnya pengetahuan. Ada juga yang menyebutkan bahwa science berasal dari kata scientia yang berarti pengetahuan. Scientia bersumber dari bahasa Latin Scire yang artinya mengetahui.

Terlepas dari berbagai perbedaan asal kata, tetapi jika benar ilmu disejajarkan dengan kata science dalam bahasa Inggris, maka pengertiannya adalah pengetahuan. Pengetahuan yang dipakai dalam bahasa Indonesia, kata dasarnya adalah “tahu”.

Secara umum pengertian dari kata “tahu” ini menandakan adanya suatu pengetahuan yang didasarkan atas pengalaman dan pemahaman tertentu yang dimiliki oleh seseorang.

Pendapat yang sama diungkapkan M. Quraish Shihab. Ia berpendapat bahwa ilmu berasal dari bahasa Arab, ilm. Arti dasar dari kata ini adalah kejelasan. Karena itu, segala bentuk kata yang terambil dari kata ‘ilm seperti kata ‘alm (bendera), ‘ulmat (bibir sumbing), ‘alam (gunung-gunung) dana ‘alamat mengandung objek pengetahuan. Ilmu dengan demikian dapat diartikan sebagai pengetahuan yang jelas tentang sesuatu.

Athur Thomson mendefinisikan ilmu sebagai pelukisan fakta-fakta, pengalaman secara lengkap dan konsisten meski dalam perwujudan istilah yang sangat sederhana.

MAKALAH BIOLOGI TENTANG POLUSI AIR


iBAB I
PENDAHULUAN

1.1  Latar Belakang Masalah.

Dalam kehidupan sehari-hari kita memerlukan air bersih untuk minum, memasak, mencuci dan keperluan lain. Air tersebut mempunyai standar 3 B yaitu tidak berwarna, tidak berbau, dan tidak beracun. Tetapi adakalanya kita melihat air yang berwarna keruh dan berbau serta sering kali bercampur dengan benda-benda sampah seperti kaleng, plastik, dan sampah organic. Pemandangan seperti ini kita jumpai pada aliran sungai atau dikolam-kolam. Air yang demikian biasa disebut air kotor atau disebut pula air yang terpolusi.
Darimana polutan itu berasal ?
Bagi kita, khususnya masyarakat pedesaan sungai adalah sumber air sehari-hari. Sumber polutan dapat berasal dari mana-mana. Contohnya limbah-limbah industri dibuang dan dialirkan ke sungai. Semua akhirnya bermuara di sungai dan pencemaran polutan air ini dapat merugikan manusia bila manusia mengkonsumsi air yang tercemar.

1.2 Permasalahan

Permasalahan yang terjadi :
  • Apabila polusi air disebabkan oleh zat-zat kimia buatan manusia mempunyai dampak negatif.
  • Dapat mengakibatkan penyakit bagi manusia dan hewan yang hidup didarat dan diair akan mati oleh racun.

MAKALAH BIOLOGI TENTANG PENGERTIAN POLUSI DAN POLUTAN

BAB I
PENDAHULUAN
1.1  Latar Belakang
Dimulai dengan tumbuhnya berbagai penyakit – penyakit baru di dunia terutama mengenai lingkungan. Maka dari itu karya tulis ini akan dilengkapi dengan faktor – faktor yang timbul dan upaya – upaya yang dapat dilakukan mengenai masalah polusi udara. Oleh karena itu, kami telah susun karya tulis ini dengan rinci

1.2  Permasalahan
Adapun permasalahan – permasalahan yang akan di bahas dalam karya tulis ini sebagai berikut:

-  Apa saja faktor yang menyebabkan polusi ini terjadi ?
-  Dampak apa timbul jika polusi udara terjadi, baik untuk kehidupan manusia maupun makhluk lain ?
-  Upaya apa saja yang harus dilakukan untuk mencegah tumbulnya polusi udara dan bagaimana cara mengatasinya ?

Gagak Jadi Hideung

Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
-    Judulna        : Gagak Jadi Hideung
-    Bahasana     : Kasar
-    Palakuna      : Gagak jeung Oray Sanca
-    Watek palakuna :
      Gagak         = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
      Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
-    Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
     Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Hayam Kongkorongok Subuh



Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”

Pigura qolbu...

''pigura qolbu mangrupi iman,kumargi nalika qolbu teu ngancik k'imanan,lisan lampah oge tabeat diri,tangtos lir ibrt langlayangan pegat,,,??

Samar implengan

20th+...
Diri balangah,weuleh miyuni teu pasti.
Miharep nu pimohaleun...pdahal sadar,sepi harti taya harta,sumujud mepende qolbu...
ngadu'a ngupahan raga.
Nanging rasa terus tumanya,,kamana cinta..ingkahna ??

keclak girimis...

keclak girimis...
maseuhan rangkulan
nalika paturay tineung
dina akhir carita tresna,,
sauray raray kagambar,
sa ilat kedal pamegat..
Horeng,,cinta laganca ilang....mulasarakeun jutaning impenan qolbu.

Kalangkang bulan,,

″Dina talaga...
Anu tenang, ngébréhkeun gumilang cahya na..
Atra embak-embakan..
Lir ngoyagkeun linduhna qolbu..
Nu samar ngimpleng harepan..
Kalangkang bulan satia marengan..
Ceunah nyaangan poékna lampah..
Nu miharep pinanggih bagja..
Ngahiap-hiap panglipur rasa..
Nu huleng jentul,
Nyeples wujudna tunggul..
Harianeun nasib diri..
Ka jurung ku wanci,ka lindih ku mangsa...

ˇkalakayˇ

″Kalakay…
Lungse ngajampana dilemah.
Ceurik rumenghik,taya geusan pakumaha.
″Kalakay…
Lintrik ka irik mangjuta panghina.
Garing riksek, kapanggang srangenge.
″Kalakay…
Pogot neuleuman hanjelu qolbu.
Anteng,nyalasar samar nya lengkah.
″Kalakay…
Midangdam jeroning gundam,najan samar udagan.
″Kalakay…
Antukna,ukur pasrah sumerah,,ka gusti nu maha suci.(allah s.w.t)

≈Angin sore....

Angin sore...
Ngadalingding hiliwirna,nganteur jutaning implengan..
Marengan endahna alam lamunan...

Pangeusi qolbu,mitutur linduh nu ilang...
Ngaharewos pogot,midangdam raray jungjunan..
Nu kapungkur kantos nyarengan...

Tapi kiwari,,
Jirimna dibenten alam...mumupusti kaheman diimpenan..
Mentang rasa iwal ku doa...

Kamboja anu mapaesan,,taman endah pamakaman salira,,,
Mungguh eta keursaning mantena (allah.s.w.t).

NGAGARANGGAM RASA

Harianeun....
Lamunan qolbu muruluk umpama kembang jambu,mancawura katebak angin.
Hiji matri dua wakca midangdam cinta nu surem,
nu ngancik dina handeuleumna mangjuta ieu lampah.

Peurih...
teu euih-euih nurihan rasa,anteub ngarakrak sakujur raga.
Taya galindeng...
mieling dasaring karungsing,taya langgam halimpu pikeun panglipur.
Hambar...
barasat harepan kapegat,udar impenan jero lamunan,ingkah taya ngajajap seunggahna lengkah.

Rongheap...
satiap napas panglipur ka waas,,,naha miharep raray pamasieup.

Layung Sareupna

Nyanghunjar...
Pogot neuleuman lampah nu hambar,matri katugenah ieu pikir...

Naha nyasalar dina humandeuar,ngeprik jero rumenghik ceurik,sadrah lampah kagonjak wayah,mipit pamapaler kapait..

Girimis anu maseuhan,lir nurihan titik titik sakujur raga,nyugak sesa sesa lengkah,nutup arah pileumpangeun...

Saharita hibar layung mapaes gunung,nyipatan mapag sareupna,nanging ka inggis taya sudana,rasa guligah teu ingkah ingkah..
Tumanya dasaring ati,naha bagja cinta jeung harepan teu aya dina keupeulan.....ukur miyuni impenan nu teu pasti,,atra kagarewah kalangkang asalna..codeka mupuhuan tunggara.

SAMAR UDAGAN

Harewos qolbu....
dina rapang kalangkang beurang,jero iuh linduh tatangkalan,,

Jero implengan....
naha lengkah teh lir ibarat ngeundeuk-ngeundeuk gunung,umpama nulis dina sagara,
tangtu moal kahontal,estu pimohaleun rek laksana,,,

Sakapeung sok nyancad ka diri,kunaon bet miyuni bengbatan,udar janji mindah cinta.....ngumbar nyalasar sandiwara tresna,
antukna ngarakrak mangjuta imut pangharepan ,,ti saban wanoja,,


Antukna batin hanjelu...
Samar udagan buyar pangharepan,,

Ukur nyeungceurikan lampah,,bari kedal...
Pangdo'a nu saestuna...
Ka gusti (ALLAH.S.W.T.)
matri panedja,raga sagemblengna miharep...."hiji cinta sajati,nu wasa nyanding dugi ka jatuk rami "...amiin.

KALANGKANG LANGLAYANGAN

Dipasawahan...
Jongjon mancawurakeun lamunan,pogot nyiar-nyiar pang umpama,ngumbar nyiar landongna nalangsa,,,

Hiliwir angin...
Pangjajap lungkawingna karungsing,pangjurungna jutaning kabingung,
muru harepan nu mimiti suwung,,

Soca neuteup talaga...
tenang caina,ngebrehkeun kalangkang langlayangan,,,,nyeblak ratug qolbu,kagareuwah rasa....

Naha diri lir ibarat kalangkang eta,
nganti seah rongkahna angin,nu bakal megatkeun tali ka iman...ngagulang gaper raga,nyangsarakeun lampah,satru ngaremukeun sungsuam ka shobaran...

Sadrah...tur ngusap raray,,tuluy ngucap pangdo'a... "YA ALLAH" sagemblengna abdi pasrah...
najan cinta,harta,katut wibawa teu nyanding dina diri.
Nanging mugia abdi dikiatkeun ka imanan....
"amiin",,mung eta panedja abdi.


"Gerentes qolbu "
sept _22092010_

PANYILEUKAN QOLBU

Tengah peuting....

Jemplingna nganteur saban karungsing,,
Nyaksi abadi kana lungkawing ieu diri,nu haat pamahat emut pangharepan.....

Saligar hegar warna tatandang,
nyambuang seungitna lir kembang mawar,
Nanging ayana wujud salira,endah ditaretes cucuk cucuk panghalang,,

Eta umpama kahirupan salira,nyampak harta dilingkup harti khayangan duniawi,

Rea panggoda ti bangbara medal taya codeka,
lungguh sarengkakna taya kasusah,
linduh sareretna taya kabingung....

Nanging.....
abdi rus-ras kadiri,karungkeb bangbaluh nyaliara mangjuta tunggara,,
tangtu pimohaleun mibanda cinta nu ikhlas ti salira,,

Puguh lir umpama sireum nu lumpuh,,
ngeundeuk_ngeundeuk sagunung gula,,
miharep sakeprul mamanis imut,nu nyamuni dina gelenyuna lambey salira,,
nganti rindat sajati soca nu pinuh wirahma tresna,,

Duuuh.....kacida ieu dasaring lamunan,
Naha midangdam dina lamunan,miharep jero rongheapna...... nafas-nafas panyesaan,,
atra ngebreh lir umpama panyileukan qolbu.....


............................. :
GERENTES 30-09-2010

BENTANG HAREPAN

BENTANG HAREPAN

by Iwang Nursayied on Wednesday, October 6, 2010 at 10:04pm
Peuting....
Nahan anjeun jempling,,,taya linduh hiliwirna angin taya rapang ku kiceupna bentang.....

Nyangking lamunan,,,
dina lungkawingna implengan......ukur rumahuh najero qolbu,
tumanya sagemblengna.....naha bagja teu marengan,,
ngagentra gentra landong tunggara,,,
ngageuing lirih panyinglar kapeurih.

Kapungkur ikrar matri nyalasar raga,,
paheut harepan ditaretes bentang,,
mahat ilapat ngarangkay malati,,manteng janur meber tenda,,,
Kiwari,,, tinggal impian.

Cinta anjeun laganca ilang,,,
juuh cimata dina lahunan,,,
ceurik rumengkih lintrik nurihan,,
pileuleuyan bentang harepan,,,
abdi tumampa kana takdir_NA,,

_Poek peting 06102010_

CARITA DINA IMPIAN

Lambaran lampah anu kalangkung....
Naha pinuh ku rekaan cinta,ngampling sandiwara rasa,,,


Naha duka kunaon,,,
Rea lolongkrang tandang ngan jadi pangilang.....ngagareuwah kanyaah ngalaganca ingkah.....balukarna nyungsi katemah wadi,,,milaaran nyacasna kembang malati,,


Nu seungit ligar nyambuang...
Ngagedur qolbuna,haat pangjaga rasa,,

Nanging abdi nu tega.....
Ngalalaworakeun cinta satia...
Ngunghak harepan nu nyampak,,,

Duh malati,,,
Sing ngarti ieu diri......?? teu wasa nampi mustikaning bidadari ,,

Malati,,,mugi dina hiji wanci ...anjeun bagja dugi ka tungtung pati....
Ulah rek reumbay cimata,,,

Sanajan kieu akhirna..........cag,,urang paturay.

CARANG (Carita beurang )

"Dina hiji poe disaung eurih,ditengah pasawahan aya 3budak keur ngiuhan :

*sanik :hey sobat poe ieu mah,naha panas pisan nya euy !!
*odang :nya puguh oge,ieu teh ...??
*idat :hmmm urang ,,tetebakan yu ??

-kitu obrolan eta 3 bdak teh,,tuluy tetebakan :

*Sanik :'hayu lah...yeuh coba jwabnya : manuk manuk naon anu pang gagahna ??

*Odang : wahh...manuk dadali ,sanes !!

*idat : manuk dijaman dinosaurus,,nya nik !!

*sanik :heuheu... jwbana salah atuh,idat oge odang,,

*idat & odang :hooooh,,,naon atuh.

*sanik : jawabana manuk aki abdi,,,alesana pan gaduh istri na oge 3 tuda.....gakgakgak.

*idat & odang : Idiiih jorang alias porno ning maneh mah......heuheuheuheu...!!

CEURIKNA RAGA

Peuting ieu...
Lamunan nembongan deui,minuhan rasa nu keur tunggara,,

Hiliwir angin lirih datangna... gupay gupay dangdaunan,,
Sanggem ngupahan gumuruhna qolbu,,

Nanging teu sanggem ningtrimkeun karungsing,,

Nyacad kana codeka raga.....
Nu teu guna nalang kabapa,,
mungguh taya ngaluhungkeun indung,,

Mun neuteup tangkal kalapa...
Eusi,,batok,,daun,,nyere katut tangkalna....??
Estu tangtu luhung manfaatna,,

Nanging....
Naha diri sabalikna,,
lampah ku awuntah,,
Sausap rambut pinuh ku kaluput,,
Sausap dampal teu janten panuncal.....??


Nalangsa.....Jeroning ngadu'a,,

Ya ALLAH,,,
Bukakeun lawang kabagjaan dunia,,
tug dugi ka alam salajengna.... akherat.

SESA SESA CINTA

Ulah tumanya...
Kamana lengkah sedja lumampah nyandak sesa sesa cinta,,

Jeung dina mangratus sasih...
poma ulah mepeling kana diri enggal mulih,,

Suda harepan laas panghias nu kaimpleng,,

Nyalira....
Nyaliara jutaning tungkusan bangbaluh ,,

Mun duaan,,
Mungguh pengkuh ku halimun panyimbut...

Diri rumasa taya harta ngan mibanda sesa sesa cinta...

Pimohaleun sanggem mipit kaluhung diri anjeun,,

Tangtu lir nyandingkeun laleur jeung ratu,,
Niti mangsa tangtu raga nu bakal kasiksa,,

paturay tineung jalan putusan,,
tinimbang cinta sirna perlaya ...

Kaheman yu urang pungkas,,
satiris girimis nurihan ati,,
salungse koleangna nu bodas... kembang keretas.

KA CINTA DIPULANG PEURIH

Ulah tumanya...

Kamana lengkah sedja lumampah nyandak sesa sesa cinta,,

Jeung dina mangratus sasih...
poma ulah rek mepeling sangkan diri enggal mulih,,

Suda harepan laas panghias nu kaimpleng,,

Nyalira....
Nyaliara jutaning tungkusan bangbaluh ,,

Mun duaan,,
Mungguh pengkuh ku halimun panyimbut...

Diri rumasa taya harta ngan mibanda sesa sesa cinta...

Pimohaleun sanggem mipit kaluhung diri anjeun,,

Tangtu lir nyandingkeun laleur jeung ratu,,
Niti mangsa tangtu raga nu bakal kasiksa,,

paturay tineung jalan putusan,,
tinimbang wibawa anjeun sirna perlaya ...

Kaheman yu urang pungkas,,
satiris girimis nurihan ati,,

salungse koleangna,,,nu bodas kembang keretas.

PEUNGGAS HAREPAN

Kamari....

Embak-embakan luhur cai,mitingtrim harepan anu sajati....

Linduh iuh taya bangbaluh,rehe simpe nyanding jero hate,,

Dina parahu...
Sagagang malati endah,pang seungitna nyambuang,hiliwirna marengan wayah kedalna sumpah,,
kaheman urang pasini saarah lampah...

Ayeuna....
Gogoda ngagedor dada,nurihan sungsuamna rasa,,
Anjeun tega mindah cinta,paheut milih kalungguhan dunia,,

Harieun duh panutan....

Bet ngarerab raraosan,,
ibarat gerhana nutupan purnama anu nyaangan,,

Peunggas tangkal harepan....
Laas impenan kabagjaan,,
ilang marengan muragna cimata,,

H_A_M_B_A_R

Satadina....
sugan asih wening lirih,
ti anggalna cinta rek nyandingkeun bagja,,

Mangjuta godaan ku urang tos dihareupan,,
Rangrang kaheman,ku urang tos dipeunggasan,,


Mamanis madu kacinta,kantun nganti pangantenan,,

Saestuna...
qolbu teh lanjung miluhung,,
natra implengan ijab kobul dibale nyungcung,,

Nanging......
naha anjeun sulaya kana janjina,
ligar cinta nyatana kanggo nu lian,
Kembang kembang asih,,
kiwari mahat kapeurih.

Sungsuam rasa kiwari ukur hanjakal,,,

______________wanci sareupna 29102010,,

HAREWOS

Dina lungsé ieu haté ...
Naha hanjelu ngalangkangan deui,
kunaon mindeng haré-haré kana kahéman anu badé mémépéndé,
ngamokaha kana sababaraha cinta anu rela,,

Haréwos dasaring qolbu...
Geus teu sanggem mun kedah mipit bibit kahéman,
mindah mindah rumpaka harépan,
najan saleresna.... ieu diri masih mitineung cinta kamari,

nanging teu gampil keur diri abdi,
mopoheun kalangkang salira,

teu gampil oge rek mindah haté,
milarian kembangna raga,

Harewos dina tungtung lamunan ...
Kunaon raray ngan nyandiwara rasa,
ngawengku imut mahat wujud anu bagja,
nu padahal mah batin lumengis lara tunggara..
Harewos qolbu ..
neda panghapunten ka salira..... cinta anu munggaran .

HARIANEUN IMPENANHARIANEUN IMPENAN

Galecok dina lamunan ...
Gumuruh minuhan qolbu
taun ka taun ingkah mindah teu karaos

Teu maliré kana lampah lengkahna jalma tunggara
Teu ngahaatan kana raga anu linglung

Nu mipit sajatining cinta ...
Miharep ka heman ti insan nu pinuh ka ikhlasan

Ngahaja dipahat jero impenan
Direka ku ciptaan ku sawangan kaheman

Balukarna ...
Harta teu ka ragap,cinta teu kapibanda
Jeung lambey ngan wasa tumanya ka diri ,,,iraha bagja nyanding laksana....
duuuh geuning Seunggahna ieu lengkah.

GUPAY KAHEMAN

Sariak layung ....
Marengan lanjungna qolbu ,
matri kainggis kasimbeuh hujan girimis ,, nyampak jutaning pangrakrak,nutug jajantung nimpah rasa nu cangcaya ,,

pogot neuleuman cinta ,
nu mancawura luhur mega impenan ,
nu kungsi ngapit kaheman,
harita . . .taman wirahma pinuh kabagjaan,
simpe cocoba langka gogoda ,

Duh ,,kaendahan wasa ngapungkeun harepan,
cindek pasini janji ,
salira rek satia ,,

eta pasini na ...kiwari udar ilang sirna ,,
neundeun halimun tunggara rasa ....
Diri ngalamun ngupahan lara , , ,

LAMUNAN TENGAH PEUTING

Masih kakantun ...
Hiji kalangkang salira ,sanaos lami teu tepang ,
Hujan teu kungsi raat lir mahat pangbeubeurat ,
kacida kasiksana ieu rasa ,

Teu mungkir ...
Mungguh lumpuh ieu qolbu ,
neuteup nimbang rasa kanu lian ,
melak kaheman dilahan implengan ,
najan rea nu maparin lambaran cinta ,
lami-lami diri seunggah ,
nyangking rungsing manting saban peuting ,
teu wasa mapalerkeun ...mangjuta kagagalan ,

teu sanggem mupus lalakon kaheman ...antawis

PANGREKA RASA

Saleresna ...
Imut nu diwengku téh ngan nyandiwara ,
malah mandar jalma teu terang guligahna ieu qolbu ,

nu perlaya teu nyandang harta ,

nu baluweng teu ngagéndéng cinta ,

Ilaharna jalma ...
abdi wakca teu sanggem nampi panghina,

nanging diri rumaos ngancik codéka ,,
pangreka basa janten kédokna ,,
mipit kapait teu leungit - leungit ,,

Dasaring qolbu ...
talatah ka ilat noél kalambey pikeun wakca ,,
nedja panghampunten ka jalma réa ,,
nalika rumpaka bagja ilang ... ka rakrak mangjuta kagagalan .

NGANTOSAN PIKEUN PATURAY

Gumuruh rasa tagiwur ...
minuhan dasar tungkusan qolbu ,
nalika rasa neuleuman lamunan ,

Kacida lami ...
ieu diri ngaréka-réka permadani biru ,
pikeun ngambah sagara kahirupan jeung salira ,

Geten ngawurkeun kasturi dina kecap kahéman ,
ikhlas nganti-nganti janji pasini ,

Nanging buktosna ...
Kacinta dipulang peurih ,
sapamedagan urang ragrag kagulung ombak tunggara ,
raga lumengis lir ibarat musyafir cinta ,

Nu haat ka hiji udagan ...sanajan kieu akhirna ,
lalakon ngantosan pikeun paturay ,,

LALANGSE HATE

Réa panghina ...
nalika diri ilang udagan ,
réa paneuteup semu cua ,
mangsa sadar raga teu sampurna ,
lungkawing nyanding mirid karungsing ,
jeung humandeuar anu nyalasar ,
qolbu bendu ngalaklak samar ,

"Langkung lami jumeneng ...
nanging taya nu mitineung ,
nu ngahiap kana sajatining kahéman ,
nungtun kana syahduna madu anu luhung ,
ceunah ... pikir mun mungkir ,
ilangna pangharepan lir ibarat angin ,
tiis ....
nanging jirimna duka dimana ,
harianeun nasib diri ,
bagja suda seunggah rék nepangan ,,

KARUNGSING QOLBU

Wanci sareupna ...
Nalika layung ilang hibarna ,
Mangjuta sato peuting ngalabrul manting récét rumécét ku sorana ,
reup poékna langit ,
umpama layar lalakon jejerna ,

Dina hiliwirna angin ...
dasaring qolbu ngaréka-réka basa ,
mipit pangrakit kiasan éndahna lamunan ,
sanés ngan ukur cinta anu lara ,
mungguhing raga nyangking tunggara ,

Mun kongang ...
pikiran hoyong perlaya ,
mungkas episode carita kahirupan ,
Nanging ...
diri rumasa mibanda dosa ogé codéka ,
katalanjur ka urang lembur ,
teu nalék diri teu béntén lir bangké nu ngajampana ,
dirakrak heulang digulung sato panglebur ,

Istigfar ...Istigfar
mun diri émut kadinya ,
balangah ...
sagawayah dina ibadah ,
kéclak cimata juuh dina lamunan ,

Ya "ALLAH" ,,
abdi nedja panghapunten sakujur raga ,
lahir tumekaning batin ,,

JEMPLING

Jalan kahirupan ...
Ka alaman lapat-lapat nganaha naha ka diri ,
nu laas kahéman ilang udagan ,
umpama bangbara linglung ,
nyeuseup mangjuta kembang ,,
nu ikhlas mépéndé rasa ,

nu lawas jempling taya cinta ...

Seunggah milangan lampah ,
kedah kamana ..nitipkeun ka asih ,
qolbu ngan wasa rumahuh ,
raga lir umpama lumpuh ,

ka rakrak panyentak mangsa ,
halimun lara nyimbutan impenan bagja ..

BANGBARA LUMENGIS

Hiber teunangan ...
bangbara mapay sajuta patamanan ,

noelan ligarna kembang nu sumedeng ligar ,
pinuh harepan tinekanan rasa kahéman ,

Bangbara ...
bimbang nalika nampi panghina ,
ngeclak cimata disaban wanci diunggal mangsa ,
najan bagja sakapeung nyimpangan nganjang ,

Bangbara ,,
neuteup kembang malati ,
nu kungsi matri nanging teu sajati ,

tuluy neuteup kembang kananga ,
nu seungit dugi kalayu ...hanjakal ngageurihan qolbu ,,

Bangbara ilang udagan ..
Kiwari ,,ukur kembang kamboja jadi harepan ,
nu seungitna teu sabaraha ,
nanging satia dugi ka layu ,
dina taman pakuburan akhir lalakon ieu cinta.

LEBU SAREUPNA

Harewos dasaring qolbu ...
lambey mitutur dareuda ka angin ,
naha teu suda ngayun-ngayun raga ,
satia ngupahan disaban wayah ,

Saleresna ...
rasa lungkawing jempling ,
owah lampah lir umpama teu éling ,

niti mangsa harita cinta ,
meupeurih nurihan teu euih-euih ,
ngarakrak lambaran bagja ,

sagara kahéman robih lir salimut seuneu ,

Harianeun ari anjeun
naha micinta ...
bet ngudag ngudag sagunung harta ,

Abdi ukur tumampa...
ieu takdirna ku ka alaman ,

mungguh diri mah lir lebu sareupna ,
taya mamanis lungguhna dunya ,

codeka cinta anjeun ...seukeut nyisikudi salangkung hinis ,

pipileuleuyan halimun harta ...
lebu sareupna ...pamit mungkas carita .

KALINDIH KU IBUN

Endahna impénan ...
sanggem nyamarkeun wanci ,
ngayunkeun diri kana lalakon sawengi ,
bagja réréndéngan calik duaan panganténan ,

paheut ngajadi mébér layar puncakna kahéman ,
anteng diistrénan ijab kobul tinekanan ,

Nanging hanjakal ...
impénan éndah kalindih ibun ,
tuluy laas kahibaran sumiratna srangéngé ,

ngorejat mukakeun soca ...
horeng ukur impénan ,

Nanging dina kanyataan ...
Qolbu jempling taya kahéman anu ngaping ,
raga samar ngambah lalakon bagja ,
peunggas implengan suda udagan .

GULIGAH HATE

Sumirat sorot srangéngé ...
nembus sela-sela dangdaunan ,
niti mangsa rebun rebun ,
nyinglarkeun halimun gunung ,

Dasar qolbu bet ngajenghok ...
teuteup soca lir kasima ,
salira nembongan deui ngahariring kawih cinta ,
kungsi meungkeut janji wening suci ,
kahéman urang duaan ,

Nanging qolbu tumuwuh cangcaya ...
horéng salira mibanda dua cinta ,

boa boa keur abdi mah dipasrahkeun ngan sesana ,

Hiliwir angin ngageuing ...
saleresna ukur rékaan implengan ,
jemplang jempling jandela rasa ,
karungsing ngantunkeun lara ,

kiwari ...
harepan laas udagan suda .

KASMARAN DEUI

Abdi ngan ukur mitineung ...
patali janji pakait kahéman jeung anjeun ,
najan sanes cinta anu munggaran ,
harepan katampi ku weuning qolbuna ,

Abdi rumaos teu mibanda ...
sagala nu ku anjeun disedja ,
nanging salami nafas tiasa ngarenghap ,
sasesahna bakal ditedunan ,
sanaos meredih sakeclak getih ,
sanajan menta sakujur raga ,

nanging palastra ...
naha sawalerna ari anjeun ,
majar wayah nu ngarubah ,
ceunah lampah kageurah ,
laganca ilang rasa ka cinta anjeun ka abdi ,

gurilap sagunung emas ....
wasa meugatkeun tali kahéman urang ,
mungkas lalakon deudeuh nu pageuh ,

umpama salabar boéh anu katebak angin ...
raga rasa ngalulukut nalangsa ,
ngawih kapeurih kana hiliwirna angin .

GUNDAM

Mangtaun taun ngantosan ..
nyanding rasa pangéndahna ,
gandrung luhung pamadegan ,
ngagelarkeun layar pangantenan ,

nanging bet kieu buktosna asih simpé dina haté ,
anggang harta oge banda ,
antukna ka cinta miang ngantunkeun ,

mun kongang qolbu keur ringrang ..
hoyong ngajerit maratan langit ,

kiwari neuteup kalangkang ..
nu ngahelaran pinuh ka bagjaan ,

haben lampah sumoreang teu aya tujuan pasti ,

anggang jeung harepan tebih sumanding ka asih ,

cimata ...
teu wasa mungkas tur ngupahan lara ,
raga gegebegan samar udagan ,

panginten kieu nasibna

BALANGAH DINA LAMPAH

Réang_na adzan
anu patémbalan ti katebihan ...

wasa ngagugahkeun qolbu ,
buyar rarangken lamunan antawis ka inggis jeroning do'a ,,
rumaos ..
lampah diri teu matrikeun harti atikan agama ,

mindeng bongoh kaayun ayun harewos_na syetan ,
antuk_na lampah awuntah ,
ibadah mindeng kakantun ,
sa ikhlas qolbu tur rumenghik_na diri ,

sapuluh ramo ngan wasa nenedja ...

"ya ALLAH anu murbeng alam .....pamugi nampi kana tobat abdi ,,

SALIMUT HALIMUN NU IPIS

"najan ngimpén anu éndah ...
nanging galura rasa saéstu na tumanya ,

nya iraha
harepan nyanding laksana panganténan ,
sadar weuning_na ieu qolbu
bungah saupami miharep kana cinta tanpa harta ,
mungguh diri ngan mibanda
kahéman sabodas salambar kertas ,

siloka hiji pati tilar dunia
apan sakumpel kapas tur saceuwir boéh
pangjajap pastén dina tungtung lalakon kahirupan ,

hanjakal lungsé akal palastra implengan ....
kiwari ilang midangna cinta salira ,
dasaring qolbu ngan disalimut
...ku halimun anu ipis ,,

GULIGAH NYAWANG LENGKAH

"mindeng rasa katalimbeng
ku pangdoja hiji carita kahaeman

satemena
raga wakca mindeng pegat tali harepan cinta

tagiwur dasar qolbu kahalimunan impian samar
nepikeun dareuda jiwa
teu walakaya taya tangan pangawasa

carita lengkah udagan antukna bakal wekasan

upami sajatina hiji cinta
kedah mibanda harta

jujur ilat mitutur abdi insan anu teu réa ku banda ..

RUNGSING

Ringrang ...
nalika séah angin tur gumuruhna hujan ,

pinuh kakiruh qolbu ..
réa midamel dosa ,
nalika iman ilang dina balangah ,
wayah lumampah dina ibadah ,
mindeng kakantun duka di haja tur ka linglap ...

Ya ALLAH ....Abdi pasrah sumerah ,
rumaos seueur lelepatan ,
mindeng mindeng milampah salah ..

Abdi nedja panghapunten ..
Ci mata abdi mangrupi cimata taubat .