LALANGSE HATE

Réa panghina ...
nalika diri ilang udagan ,
réa paneuteup semu cua ,
mangsa sadar raga teu sampurna ,
lungkawing nyanding mirid karungsing ,
jeung humandeuar anu nyalasar ,
qolbu bendu ngalaklak samar ,

"Langkung lami jumeneng ...
nanging taya nu mitineung ,
nu ngahiap kana sajatining kahéman ,
nungtun kana syahduna madu anu luhung ,
ceunah ... pikir mun mungkir ,
ilangna pangharepan lir ibarat angin ,
tiis ....
nanging jirimna duka dimana ,
harianeun nasib diri ,
bagja suda seunggah rék nepangan ,,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar