KARUNGSING QOLBU

Wanci sareupna ...
Nalika layung ilang hibarna ,
Mangjuta sato peuting ngalabrul manting récét rumécét ku sorana ,
reup poékna langit ,
umpama layar lalakon jejerna ,

Dina hiliwirna angin ...
dasaring qolbu ngaréka-réka basa ,
mipit pangrakit kiasan éndahna lamunan ,
sanés ngan ukur cinta anu lara ,
mungguhing raga nyangking tunggara ,

Mun kongang ...
pikiran hoyong perlaya ,
mungkas episode carita kahirupan ,
Nanging ...
diri rumasa mibanda dosa ogé codéka ,
katalanjur ka urang lembur ,
teu nalék diri teu béntén lir bangké nu ngajampana ,
dirakrak heulang digulung sato panglebur ,

Istigfar ...Istigfar
mun diri émut kadinya ,
balangah ...
sagawayah dina ibadah ,
kéclak cimata juuh dina lamunan ,

Ya "ALLAH" ,,
abdi nedja panghapunten sakujur raga ,
lahir tumekaning batin ,,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar