JEMPLING

Jalan kahirupan ...
Ka alaman lapat-lapat nganaha naha ka diri ,
nu laas kahéman ilang udagan ,
umpama bangbara linglung ,
nyeuseup mangjuta kembang ,,
nu ikhlas mépéndé rasa ,

nu lawas jempling taya cinta ...

Seunggah milangan lampah ,
kedah kamana ..nitipkeun ka asih ,
qolbu ngan wasa rumahuh ,
raga lir umpama lumpuh ,

ka rakrak panyentak mangsa ,
halimun lara nyimbutan impenan bagja ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar