Hiber teunangan ...
bangbara mapay sajuta patamanan ,
noelan ligarna kembang nu sumedeng ligar ,
pinuh harepan tinekanan rasa kahéman ,
Bangbara ...
bimbang nalika nampi panghina ,
ngeclak cimata disaban wanci diunggal mangsa ,
najan bagja sakapeung nyimpangan nganjang ,
Bangbara ,,
neuteup kembang malati ,
nu kungsi matri nanging teu sajati ,
tuluy neuteup kembang kananga ,
nu seungit dugi kalayu ...hanjakal ngageurihan qolbu ,,
Bangbara ilang udagan ..
Kiwari ,,ukur kembang kamboja jadi harepan ,
nu seungitna teu sabaraha ,
nanging satia dugi ka layu ,
dina taman pakuburan akhir lalakon ieu cinta.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar