Harewos dasaring qolbu ...
lambey mitutur dareuda ka angin ,
naha teu suda ngayun-ngayun raga ,
satia ngupahan disaban wayah ,
Saleresna ...
rasa lungkawing jempling ,
owah lampah lir umpama teu éling ,
niti mangsa harita cinta ,
meupeurih nurihan teu euih-euih ,
ngarakrak lambaran bagja ,
sagara kahéman robih lir salimut seuneu ,
Harianeun ari anjeun
naha micinta ...
bet ngudag ngudag sagunung harta ,
Abdi ukur tumampa...
ieu takdirna ku ka alaman ,
mungguh diri mah lir lebu sareupna ,
taya mamanis lungguhna dunya ,
codeka cinta anjeun ...seukeut nyisikudi salangkung hinis ,
pipileuleuyan halimun harta ...
lebu sareupna ...pamit mungkas carita .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar