KALINDIH KU IBUN

Endahna impénan ...
sanggem nyamarkeun wanci ,
ngayunkeun diri kana lalakon sawengi ,
bagja réréndéngan calik duaan panganténan ,

paheut ngajadi mébér layar puncakna kahéman ,
anteng diistrénan ijab kobul tinekanan ,

Nanging hanjakal ...
impénan éndah kalindih ibun ,
tuluy laas kahibaran sumiratna srangéngé ,

ngorejat mukakeun soca ...
horeng ukur impénan ,

Nanging dina kanyataan ...
Qolbu jempling taya kahéman anu ngaping ,
raga samar ngambah lalakon bagja ,
peunggas implengan suda udagan .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar