GULIGAH HATE

Sumirat sorot srangéngé ...
nembus sela-sela dangdaunan ,
niti mangsa rebun rebun ,
nyinglarkeun halimun gunung ,

Dasar qolbu bet ngajenghok ...
teuteup soca lir kasima ,
salira nembongan deui ngahariring kawih cinta ,
kungsi meungkeut janji wening suci ,
kahéman urang duaan ,

Nanging qolbu tumuwuh cangcaya ...
horéng salira mibanda dua cinta ,

boa boa keur abdi mah dipasrahkeun ngan sesana ,

Hiliwir angin ngageuing ...
saleresna ukur rékaan implengan ,
jemplang jempling jandela rasa ,
karungsing ngantunkeun lara ,

kiwari ...
harepan laas udagan suda .

1 komentar:

  1. Sae, puisi teh. Bade naros hartos guligah teh naon, henteu jinek

    BalasHapus