KASMARAN DEUI

Abdi ngan ukur mitineung ...
patali janji pakait kahéman jeung anjeun ,
najan sanes cinta anu munggaran ,
harepan katampi ku weuning qolbuna ,

Abdi rumaos teu mibanda ...
sagala nu ku anjeun disedja ,
nanging salami nafas tiasa ngarenghap ,
sasesahna bakal ditedunan ,
sanaos meredih sakeclak getih ,
sanajan menta sakujur raga ,

nanging palastra ...
naha sawalerna ari anjeun ,
majar wayah nu ngarubah ,
ceunah lampah kageurah ,
laganca ilang rasa ka cinta anjeun ka abdi ,

gurilap sagunung emas ....
wasa meugatkeun tali kahéman urang ,
mungkas lalakon deudeuh nu pageuh ,

umpama salabar boéh anu katebak angin ...
raga rasa ngalulukut nalangsa ,
ngawih kapeurih kana hiliwirna angin .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar