Mangtaun taun ngantosan ..
nyanding rasa pangéndahna ,
gandrung luhung pamadegan ,
ngagelarkeun layar pangantenan ,
nanging bet kieu buktosna asih simpé dina haté ,
anggang harta oge banda ,
antukna ka cinta miang ngantunkeun ,
mun kongang qolbu keur ringrang ..
hoyong ngajerit maratan langit ,
kiwari neuteup kalangkang ..
nu ngahelaran pinuh ka bagjaan ,
haben lampah sumoreang teu aya tujuan pasti ,
anggang jeung harepan tebih sumanding ka asih ,
cimata ...
teu wasa mungkas tur ngupahan lara ,
raga gegebegan samar udagan ,
panginten kieu nasibna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar