Gumuruh rasa tagiwur ...
minuhan dasar tungkusan qolbu ,
nalika rasa neuleuman lamunan ,
Kacida lami ...
ieu diri ngaréka-réka permadani biru ,
pikeun ngambah sagara kahirupan jeung salira ,
Geten ngawurkeun kasturi dina kecap kahéman ,
ikhlas nganti-nganti janji pasini ,
Nanging buktosna ...
Kacinta dipulang peurih ,
sapamedagan urang ragrag kagulung ombak tunggara ,
raga lumengis lir ibarat musyafir cinta ,
Nu haat ka hiji udagan ...sanajan kieu akhirna ,
lalakon ngantosan pikeun paturay ,,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar