Nyanghunjar...
Pogot neuleuman lampah nu hambar,matri katugenah ieu pikir...
Naha nyasalar dina humandeuar,ngeprik jero rumenghik ceurik,sadrah lampah kagonjak wayah,mipit pamapaler kapait..
Girimis anu maseuhan,lir nurihan titik titik sakujur raga,nyugak sesa sesa lengkah,nutup arah pileumpangeun...
Saharita hibar layung mapaes gunung,nyipatan mapag sareupna,nanging ka inggis taya sudana,rasa guligah teu ingkah ingkah..
Tumanya dasaring ati,naha bagja cinta jeung harepan teu aya dina keupeulan.....ukur miyuni impenan nu teu pasti,,atra kagarewah kalangkang asalna..codeka mupuhuan tunggara.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar