NGAGARANGGAM RASA

Harianeun....
Lamunan qolbu muruluk umpama kembang jambu,mancawura katebak angin.
Hiji matri dua wakca midangdam cinta nu surem,
nu ngancik dina handeuleumna mangjuta ieu lampah.

Peurih...
teu euih-euih nurihan rasa,anteub ngarakrak sakujur raga.
Taya galindeng...
mieling dasaring karungsing,taya langgam halimpu pikeun panglipur.
Hambar...
barasat harepan kapegat,udar impenan jero lamunan,ingkah taya ngajajap seunggahna lengkah.

Rongheap...
satiap napas panglipur ka waas,,,naha miharep raray pamasieup.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar