Harewos qolbu....
dina rapang kalangkang beurang,jero iuh linduh tatangkalan,,
Jero implengan....
naha lengkah teh lir ibarat ngeundeuk-ngeundeuk gunung,umpama nulis dina sagara,
tangtu moal kahontal,estu pimohaleun rek laksana,,,
Sakapeung sok nyancad ka diri,kunaon bet miyuni bengbatan,udar janji mindah cinta.....ngumbar nyalasar sandiwara tresna,
antukna ngarakrak mangjuta imut pangharepan ,,ti saban wanoja,,
Antukna batin hanjelu...
Samar udagan buyar pangharepan,,
Ukur nyeungceurikan lampah,,bari kedal...
Pangdo'a nu saestuna...
Ka gusti (ALLAH.S.W.T.)
matri panedja,raga sagemblengna miharep...."hiji cinta sajati,nu wasa nyanding dugi ka jatuk rami "...amiin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar