Dipasawahan...
Jongjon mancawurakeun lamunan,pogot nyiar-nyiar pang umpama,ngumbar nyiar landongna nalangsa,,,
Hiliwir angin...
Pangjajap lungkawingna karungsing,pangjurungna jutaning kabingung,
muru harepan nu mimiti suwung,,
Soca neuteup talaga...
tenang caina,ngebrehkeun kalangkang langlayangan,,,,nyeblak ratug qolbu,kagareuwah rasa....
Naha diri lir ibarat kalangkang eta,
nganti seah rongkahna angin,nu bakal megatkeun tali ka iman...ngagulang gaper raga,nyangsarakeun lampah,satru ngaremukeun sungsuam ka shobaran...
Sadrah...tur ngusap raray,,tuluy ngucap pangdo'a... "YA ALLAH" sagemblengna abdi pasrah...
najan cinta,harta,katut wibawa teu nyanding dina diri.
Nanging mugia abdi dikiatkeun ka imanan....
"amiin",,mung eta panedja abdi.
"Gerentes qolbu "
sept _22092010_
Tidak ada komentar:
Posting Komentar