PANYILEUKAN QOLBU

Tengah peuting....

Jemplingna nganteur saban karungsing,,
Nyaksi abadi kana lungkawing ieu diri,nu haat pamahat emut pangharepan.....

Saligar hegar warna tatandang,
nyambuang seungitna lir kembang mawar,
Nanging ayana wujud salira,endah ditaretes cucuk cucuk panghalang,,

Eta umpama kahirupan salira,nyampak harta dilingkup harti khayangan duniawi,

Rea panggoda ti bangbara medal taya codeka,
lungguh sarengkakna taya kasusah,
linduh sareretna taya kabingung....

Nanging.....
abdi rus-ras kadiri,karungkeb bangbaluh nyaliara mangjuta tunggara,,
tangtu pimohaleun mibanda cinta nu ikhlas ti salira,,

Puguh lir umpama sireum nu lumpuh,,
ngeundeuk_ngeundeuk sagunung gula,,
miharep sakeprul mamanis imut,nu nyamuni dina gelenyuna lambey salira,,
nganti rindat sajati soca nu pinuh wirahma tresna,,

Duuuh.....kacida ieu dasaring lamunan,
Naha midangdam dina lamunan,miharep jero rongheapna...... nafas-nafas panyesaan,,
atra ngebreh lir umpama panyileukan qolbu.....


............................. :
GERENTES 30-09-2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar