BENTANG HAREPAN
by Iwang Nursayied on Wednesday, October 6, 2010 at 10:04pm
Peuting....
Nahan anjeun jempling,,,taya linduh hiliwirna angin taya rapang ku kiceupna bentang.....
Nyangking lamunan,,,
dina lungkawingna implengan......ukur rumahuh najero qolbu,
tumanya sagemblengna.....naha bagja teu marengan,,
ngagentra gentra landong tunggara,,,
ngageuing lirih panyinglar kapeurih.
Kapungkur ikrar matri nyalasar raga,,
paheut harepan ditaretes bentang,,
mahat ilapat ngarangkay malati,,manteng janur meber tenda,,,
Kiwari,,, tinggal impian.
Cinta anjeun laganca ilang,,,
juuh cimata dina lahunan,,,
ceurik rumengkih lintrik nurihan,,
pileuleuyan bentang harepan,,,
abdi tumampa kana takdir_NA,,
_Poek peting 06102010_

Tidak ada komentar:
Posting Komentar