Lambaran lampah anu kalangkung....
Naha pinuh ku rekaan cinta,ngampling sandiwara rasa,,,
Naha duka kunaon,,,
Rea lolongkrang tandang ngan jadi pangilang.....ngagareuwah kanyaah ngalaganca ingkah.....balukarna nyungsi katemah wadi,,,milaaran nyacasna kembang malati,,
Nu seungit ligar nyambuang...
Ngagedur qolbuna,haat pangjaga rasa,,
Nanging abdi nu tega.....
Ngalalaworakeun cinta satia...
Ngunghak harepan nu nyampak,,,
Duh malati,,,
Sing ngarti ieu diri......?? teu wasa nampi mustikaning bidadari ,,
Malati,,,mugi dina hiji wanci ...anjeun bagja dugi ka tungtung pati....
Ulah rek reumbay cimata,,,
Sanajan kieu akhirna..........cag,,urang paturay.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar