Masih kakantun ...
Hiji kalangkang salira ,sanaos lami teu tepang ,
Hujan teu kungsi raat lir mahat pangbeubeurat ,
kacida kasiksana ieu rasa ,
Teu mungkir ...
Mungguh lumpuh ieu qolbu ,
neuteup nimbang rasa kanu lian ,
melak kaheman dilahan implengan ,
najan rea nu maparin lambaran cinta ,
lami-lami diri seunggah ,
nyangking rungsing manting saban peuting ,
teu wasa mapalerkeun ...mangjuta kagagalan ,
teu sanggem mupus lalakon kaheman ...antawis
Tidak ada komentar:
Posting Komentar