Sariak layung ....
Marengan lanjungna qolbu ,
matri kainggis kasimbeuh hujan girimis ,, nyampak jutaning pangrakrak,nutug jajantung nimpah rasa nu cangcaya ,,
pogot neuleuman cinta ,
nu mancawura luhur mega impenan ,
nu kungsi ngapit kaheman,
harita . . .taman wirahma pinuh kabagjaan,
simpe cocoba langka gogoda ,
Duh ,,kaendahan wasa ngapungkeun harepan,
cindek pasini janji ,
salira rek satia ,,
eta pasini na ...kiwari udar ilang sirna ,,
neundeun halimun tunggara rasa ....
Diri ngalamun ngupahan lara , , ,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar