Galecok dina lamunan ...
Gumuruh minuhan qolbu
taun ka taun ingkah mindah teu karaos
Teu maliré kana lampah lengkahna jalma tunggara
Teu ngahaatan kana raga anu linglung
Nu mipit sajatining cinta ...
Miharep ka heman ti insan nu pinuh ka ikhlasan
Ngahaja dipahat jero impenan
Direka ku ciptaan ku sawangan kaheman
Balukarna ...
Harta teu ka ragap,cinta teu kapibanda
Jeung lambey ngan wasa tumanya ka diri ,,,iraha bagja nyanding laksana....
duuuh geuning Seunggahna ieu lengkah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar