HAREWOS

Dina lungsé ieu haté ...
Naha hanjelu ngalangkangan deui,
kunaon mindeng haré-haré kana kahéman anu badé mémépéndé,
ngamokaha kana sababaraha cinta anu rela,,

Haréwos dasaring qolbu...
Geus teu sanggem mun kedah mipit bibit kahéman,
mindah mindah rumpaka harépan,
najan saleresna.... ieu diri masih mitineung cinta kamari,

nanging teu gampil keur diri abdi,
mopoheun kalangkang salira,

teu gampil oge rek mindah haté,
milarian kembangna raga,

Harewos dina tungtung lamunan ...
Kunaon raray ngan nyandiwara rasa,
ngawengku imut mahat wujud anu bagja,
nu padahal mah batin lumengis lara tunggara..
Harewos qolbu ..
neda panghapunten ka salira..... cinta anu munggaran .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar