H_A_M_B_A_R

Satadina....
sugan asih wening lirih,
ti anggalna cinta rek nyandingkeun bagja,,

Mangjuta godaan ku urang tos dihareupan,,
Rangrang kaheman,ku urang tos dipeunggasan,,


Mamanis madu kacinta,kantun nganti pangantenan,,

Saestuna...
qolbu teh lanjung miluhung,,
natra implengan ijab kobul dibale nyungcung,,

Nanging......
naha anjeun sulaya kana janjina,
ligar cinta nyatana kanggo nu lian,
Kembang kembang asih,,
kiwari mahat kapeurih.

Sungsuam rasa kiwari ukur hanjakal,,,

______________wanci sareupna 29102010,,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar