GULIGAH NYAWANG LENGKAH

"mindeng rasa katalimbeng
ku pangdoja hiji carita kahaeman

satemena
raga wakca mindeng pegat tali harepan cinta

tagiwur dasar qolbu kahalimunan impian samar
nepikeun dareuda jiwa
teu walakaya taya tangan pangawasa

carita lengkah udagan antukna bakal wekasan

upami sajatina hiji cinta
kedah mibanda harta

jujur ilat mitutur abdi insan anu teu réa ku banda ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar