"najan ngimpén anu éndah ...
nanging galura rasa saéstu na tumanya ,
nya iraha
harepan nyanding laksana panganténan ,
sadar weuning_na ieu qolbu
bungah saupami miharep kana cinta tanpa harta ,
mungguh diri ngan mibanda
kahéman sabodas salambar kertas ,
siloka hiji pati tilar dunia
apan sakumpel kapas tur saceuwir boéh
pangjajap pastén dina tungtung lalakon kahirupan ,
hanjakal lungsé akal palastra implengan ....
kiwari ilang midangna cinta salira ,
dasaring qolbu ngan disalimut
...ku halimun anu ipis ,,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar