CEURIKNA RAGA

Peuting ieu...
Lamunan nembongan deui,minuhan rasa nu keur tunggara,,

Hiliwir angin lirih datangna... gupay gupay dangdaunan,,
Sanggem ngupahan gumuruhna qolbu,,

Nanging teu sanggem ningtrimkeun karungsing,,

Nyacad kana codeka raga.....
Nu teu guna nalang kabapa,,
mungguh taya ngaluhungkeun indung,,

Mun neuteup tangkal kalapa...
Eusi,,batok,,daun,,nyere katut tangkalna....??
Estu tangtu luhung manfaatna,,

Nanging....
Naha diri sabalikna,,
lampah ku awuntah,,
Sausap rambut pinuh ku kaluput,,
Sausap dampal teu janten panuncal.....??


Nalangsa.....Jeroning ngadu'a,,

Ya ALLAH,,,
Bukakeun lawang kabagjaan dunia,,
tug dugi ka alam salajengna.... akherat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar