Ulah tumanya...
Kamana lengkah sedja lumampah nyandak sesa sesa cinta,,
Jeung dina mangratus sasih...
poma ulah rek mepeling sangkan diri enggal mulih,,
Suda harepan laas panghias nu kaimpleng,,
Nyalira....
Nyaliara jutaning tungkusan bangbaluh ,,
Mun duaan,,
Mungguh pengkuh ku halimun panyimbut...
Diri rumasa taya harta ngan mibanda sesa sesa cinta...
Pimohaleun sanggem mipit kaluhung diri anjeun,,
Tangtu lir nyandingkeun laleur jeung ratu,,
Niti mangsa tangtu raga nu bakal kasiksa,,
paturay tineung jalan putusan,,
tinimbang wibawa anjeun sirna perlaya ...
Kaheman yu urang pungkas,,
satiris girimis nurihan ati,,
salungse koleangna,,,nu bodas kembang keretas.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar