ˇkalakayˇ

″Kalakay…
Lungse ngajampana dilemah.
Ceurik rumenghik,taya geusan pakumaha.
″Kalakay…
Lintrik ka irik mangjuta panghina.
Garing riksek, kapanggang srangenge.
″Kalakay…
Pogot neuleuman hanjelu qolbu.
Anteng,nyalasar samar nya lengkah.
″Kalakay…
Midangdam jeroning gundam,najan samar udagan.
″Kalakay…
Antukna,ukur pasrah sumerah,,ka gusti nu maha suci.(allah s.w.t)

4 komentar: